Tuesday, 03 January 2006
aduh boa-boa
aduh
naha bet jadi kieu
ningal dunya asa poek
tapi piraku
da panas panon poe masih keneh nongtorek na dada
boa-boa
beda
rasa
aduh
naha kuring leungiteun cinta
mapay renghap asa cumalimba
tapi piraku
da poe tadi kuring masih keneh ngagalentoran
kalangkang anjeun
bue
eling hentue
hentue eling
boa-boa
edan kuring
kuring edan
tapi asa piraku
sabab sagalana karasa alon
21:31 Posted in sajak | Permalink | Comments (0) | Email this



The comments are closed.